Sisindiran Keur Barudak Awéwé

March 02, 2019
Siki waluh dikarungan
Boga sendal dua warna
Ari sirah ditiungan
Bujalmah kamana-mana

Meulah awi na bukuna
Diraut ngarah teu seukeut
Awéwé jaman ayeuna
Maké baju siga leupeut

Salawé mah dua lima
Meuli céngék dua siki
Awéwé jaman ayeuna
Loba nu siga lalaki

Aya santri ti ciamis
Hanjakal rambutna coklat
Aya istri meuni geulis
Hanjakal teu daék solat

0 Response to "Sisindiran Keur Barudak Awéwé"

Post a Comment